Fikmin #Pèlèt#
Kenging: Tisna Kamisyah II
Milu mangnyerikeun katugenah anu jadi anak. Kelemet nepungan ajengan rèk minangsaraya. Di rohang tamuna. Brak wè dibolèkèrkeun talajak minantu anu ngawin WIL-na, jeung anu tèga megatkeun duriat nu jadi anak. Ari anu dipinangsarayaan kalah bareubeu rarayna. Malah jawabanana tèh matak ngajenghokkeun hatè. “Har ari Euceu! Lepat atuh sumping ka dieu mah! Kapan uninga abdi gè dirèrèmokeun ku akangna, ngadahup ka pun bojo tèh. Saèna masalah nu kararieu mah ka akangna wè nu langkung paos!” pokna tèh.
Banget ku teu nyangka bakal nampa jawaban kitu, nyel ambek ka nu jadi salaki. Gidig mulang. Anjog ka imah. Ngawèkwèk hareupeun salaki. “Cik sing aya guam atuh ari gableg pangarti mah! Gawèan tah minantu gejul tèh!” cekèng, bari molototan. “Jiih, nya sabar atuh! Keun moal lila deui gè bakal ngurunyung ngajak rujuk ka Si Nyai! Kawas didinya barèto geuning, meni runghak-renghik mèmènta dikawin ku dèkah!” tèmbalna tèh meni tiis. Laju ngincid ninggalkeun uing nu ngahuleng. “Anjriiit…! Boa-boa barèto uing matak bogoh tèh, dipèlet meureun nya ku Si Borokokok?” *
Pagarsih barat, Bandung