Fikmin # Nu Béla Na Tungtung Halodo #
Yasana: Is Tuning
Ti saméméhna ogé geus mindeng kadéngé rumahuhna. Semu jiga anu kukulutus. Komo salila dua jam katukang, teu eureun ngagerendeng, matak watir kedéngéna.
“Teu janten angkat téh? Geuning dilaanan deui sapatuna?”
“Teu,” walon kuring pondok, bari neundeun sapatu gigireun bangku. Manéhna malik melong, bari biwirna rada manyun. Jiga nu keur ngira-ngira nu aya dina pikiran.
“Kunaon? Apan baruk aya janji sareng réréncangan?”
Jung nangtung, tuluy nyingsatkeun hordéng. “Tuh, tingali. Langit tos meredong. Pihujaneun. Jaba angin meni tarik..”
“Atuh, mekel jas hujan wé pami sieun kahujanan mah. Atanapi nyandak payung, teras angkatna kana angkot.
Komo hujan nembéan mah, sok bilih jadi matak jangar..”
“Moal kamana-kamana dinten ieu mah. Asal hujan wé sing badag. Komo nepi ka énjingna deui mah.”
“Mudah-mudahan,” pokna halon. Imut bari neuteup leleb. Kuring malik neuteup. Silih teuteup antara kuring
jeung Jetpam. Dipopojok, émbér kosong jeung galon tingkecewis. Ngagosip.***