Fikmin #Katumbiri Salah Mangsa#
Ku: Bune Upik
Mangpuluh taun katalimbeng dina jero bénténg nangtawing, teu daya teu upaya. Ray poé, ray poé, ninun harepan. Sahambal sahambal. Teuing dina poé nu ka sabaraha ratus réwu inyana nepi kana penclutna.
Lalaunan muka jandéla. Ngeureudeup, sab arang langka manggih cahaya. Mimitina reyem-reyem, laun laun mindah béngras. Kasampak katumbiri keur nutug leuwi. Inyana luncat, ngadon ucang anggé dina pulas gandola.
“Wilujeng sumping, Nyi Putri nu dianti,” ceuk hiji sora.
Nyéh, inyana imut. Soara tan jirimna ngajakan macangkrama. Inyana bumetah ucang anggé, lat poho kana udagan wiwitan. Jleng, pindah kana pulas kasumba. Leuwih éndah, rupaning kekembangan mayakpak satungtung deuleu.
“Abdi nyaah ka salira, abdi cinta,” ceuk soara tanpa jirim téa.
“Kuring teu percaya cinta,” témbalna.
“Cinta tèh aya, Nung. Ngancik dina rasa, dina kasono, dina harepan.”
“Ka sabaraha wanoja anjeun nyarita kitu?”
“Eu… Mung ka salira, Jungjunan.” Samar polah.
“Cinta tèh wening, lain lalaworakeuneun. Moal lila deui mangsana mulang, matapoé geus rék surup.”
Inyana ngaheruk, nutupan jandela. Marojéngja.
“I love you…” haréwosna.