Fikmin #Gurame Asam Manis Pedas#
Ku Euis Rohayati
Kolotrak. Dunungan datang.
“Bibiii…!”
Jetrék kompor gas dipareuman. Deregdeg nyampeurkeun.
“Tah, pasak!”
Guramé tinggarapak dina ember.
“Badé dipasak kumaha, Bu?”
“Diasam manis pedas wéh. Ngaliwet keur sapuluh urangeun, nya! Babaturan kantor rék balotram deui. Kadé guraména bisi tutung jiga kamari!”
Saukur unggeuk. Enya, atuda kamari mah keur riweuh masak, ger hujan. Deregdeg lumpat heula ka loténg nyaitan popoéan nu sakitu lobana. Géréwék dunungan ngageroan. Deregdeg lumpat deui ka handap. Kasampak dunungan keur nulak cangkéng bari baketut.
“Na, teu kaambeu kitu bau tutung?” Nyengor.
Geremet. Meni hayang némbal, “Matak naon pangnyaitkeun, lain ngucumel waé hapé! Na, teu nyaho Uing keur nyaitan popoéan?”
Sangu liwet asak. Semur Jéngkol lekoh. Oséng Jambalroti dicabégéndotan meni cikruh. Guramé asam manis pedas ditata dina piring lodor. Saméméh dikanaméjamakankeun dipelong heula. Kecrot diciduhan. Bongan tiap masak guramé tara méré ngasaan. Maranéhna ngeunah cacaraleuhakan bari sukabungah. Uing nu capéna bati lalajo. Peurih, ningali guramé dina lodor kari cucukna.*
Nb : Kantos midang di Majalah Manglé.