Fikmin #Dua Hulu#
Kenging: Dindin Nurdianti
Topi laken, kumis ngajedig, sorana handaruan. Marentahkeun kabeh warga malar bebersih lingkungan. Taya nu baha. Burudul tingalabring marawa pakakas sabangsaning pacul, bedog, arit, parang jeung sapu nyere. Kituna teh bari teu burung eak-eakan sempal guyon. Hiji kailaharan nu geus prah di alam padesan. Kerjabakti teh horeng dina enas-enasna mah lain bae bebersih lingkungan tapi jadi momentum pikeun ngaraketkeun duduluran. Kitu tradisi urang sunda nu kiwari geus meh ilang kateureuy jaman individualisme.
Kaléor ninggalkeun baturna leumpang ka sisi lamping. Parang dijingjing ngawaskeun nu ngaléor. Sakedapan katinggaleun tapak kasarung ku catang rungkad. Rurat-reret sabudeureun lamping, kapireng nu tingcikikik, diteang ngajauhan. Ngajentul deui ngaraga meneng bari angger taki-taki.
Korosak gajleng, teu pikir panjang gabres dua hulu dihijikeun, dijingjing, bras ka lembur, jalma ngantay nuturkeun sapanjang jalan. Taya nu lemek hiji oge, duka bingung duka ambek. Gubrag dua hulu dijagrakeun.
“Punah tah deuleu!”
“Gusti nu Agung, geuning maneh tega?”
“Aing geus teu hayang neuleu dua jalma ieu, rasakeun”!
“Tua Kampung naha atuh, pamajikan batur dihanca?”***