Fikmin #Bongan Leutik#
Ku; Dindin Nurdiati
Bubuhan sajurusan, boh indit boh mulangkeun sok kawénéhan mareng ka sakola. Unggal poé kituna téh. Padahal, tara jangjian. Ana anjog ka sakola teu weleh pada ngagonjak ku babaturan. Ukur diwaro ku seuri konéng, da sidik kuring jeung manéhna taya hubungan nanaon.
Hiji mangsa aya acara piknik ti sakola ka Pangaléngan. Aratoh, sab najan kangaranan studi tour, tapi angger dina béhna mah piknik. Ari diuk dina beus, siga nu meunang nyetél. Kuring sajok jeung manéhna. Tadina mah embung, tapi jok nu séjén geus dieusian ku batur. Piraku kudu diusir.
Inget kénéh, harita téh manéhna mangjingjingkeun babawaan basa rombongan asup ka buruan pabrik entéh. Atuh, demi tugas ti guru, nya harita téh tetelepék ka pagawé pabrik, nanya itu ieu museur kana soal entéh.
Réngsé ngumpulkeun bahan tuliseun. Rada ngahuleng kumaha nyusunna. Manéhna bangun nu surti kana kabinggung kuring. Pok téh nyarita: “tenang ké dipangdamelkeun,” pokna.
Atuh puguh bungah nataku. Enya, bageur tah budak téh. Sopan deuih nyaritana ogé. Ngan, katangén tina rindatna yén manéhna aya haté kadua leutik ka kuring. Enya baé teu salah, hiji waktu manéhna nyuratan. Eusina nembrakeun yén manéhna bogoh, cenah.
Najan geus surti kana rindatna, tapi teu burung bingung narima surat ti manéhna téh. Bingung pijawabeun. Tapi, batan nyiksa batur nu ngarep-ngarep jawaban, antukna mah dibales ogé. Ngan nyakitu balesan téh meureun matak nyinggeung haté manéhna, da geuning sanggeus narima surat jawaban ti kuring, manéhna jadi ngabaeudan.
Ari uni surat jawaban teh kieu: “Hampurannya, abdi mah resep ka nu badag. Bongan manéh mah leutik”.***