Fikmin #Aral#
Kḗnging: Kokom Komariah
Diuk dina golodog bari diharudung sarung. Teuteupna kawas nu jauh panineungan. Biwirna sakapeung lewa lewé. Meureun, bakat ku nyeri haté dipangsalingkuhkeun ku si tétéh, tukang nasi uduk, urang Legokhangseur.
“Gustiiiii….kieu-kieu teuing mah mending paéééhh dihakan maung ….!! ” pokna.
Diijabah, gauuur téh aya maung tukangeunana. Teuing timana jolna. Panonna moncorong buringas. Renyah renyoh nḗmbongkeun sihungna.
Mang Warya ngadḗgdḗg. Pias. Ngusial beuteungna ngadadak mules, antukna dut…!! manḗhna hitut tarik naker. Sapada harita, ḗta maung ngulahḗk, leuleus, sosolontodan, kusek..paḗh di dinya kḗnḗh.***